Pesan Produk Sekarang

Pitutur Kolot Baheula



Assalamualaikum wr.wb.
Wilujeung wayah kieu dulur salembur baraya sanagara...
Dawuh kaulanun, aya widi ti Gusti pamendak nyandak langkung bingah lebet kolbu, wuwuh lami wuwuh nyusun inggis batan maut hinis karaos misobatna urang sarerea naah ieu teh kukalayan boga rasa kanyaahna. Nyaahna diri menta hapura kabalarea, saksina bumi jeung langit, restuna reumbay cimata, tiluhur sahibas rambut tihandap sahibas dampal. Nyuhunkeun panghampura tina sagala kalepatan anu karasa, anu teu karasa anu dihaja, anu teu dihaja, anu ageng anu alit, da kieu geus guratna ari hirup di alam dunya mah, mun keur meujeuhna aya dina tunggara, sok aya paribasa nete semplek nincak semplak, ulah dijieun aral subaha, sumawona nyapa awak sorangan, hayu anggurmah urang silih asah silih asuh. Prak aromean anu salah sangkan bener, lempeungkeun anu bengkok, make cara nu katarima kurasa tur akal anu pinuh ku kasabaran, ulah weleh disimbeuhan kukanyaah tur kahemanan keur balarea. mugya sadaya aya dina paangtayungan Gusti Nu Maha Agung... Aamiin YRA.

Koleksi Produk Lainnya :

Posting Komentar

 
Copyright © 2014. BukaBaju Template - Design: Gusti Adnyana